Pupuh Pucung [Teks Lirik]



Ari jalma asup kana mahluk hirup,
Teu bisa nyorangan,
Urang kudu loba wargi,
Pikeun hirup babarengan sauyunan,

Kudu sauyunan reujeung batur,
Tulung-tinulungan,
Asal batur jadi wargi,
Hirup urang jadi loba duduluran,

Silihasih silihasah silihasuh,
Jeung papada jalma,
Silih tepangkeun pangarti,
Sangkan urang bisa nambahan kabisa,

Urang kudu silihasah pangaweruh,
Nyiar pangabisa,
Silihasih ku pangarti,
Nu tungtungna bakal loba pangalaman.

Pupuh Pucung [Teks Lirik] Pupuh Pucung [Teks Lirik] Reviewed by Silva_ on 8:23:00 am Rating: 5

No comments:

Powered by Blogger.